Tembang
Cianjuran mangrupakeun seni vokal Sunda nu dibarengan ku alat musik kacapi indung, kacapi rincik, suling, jeung rebab. Asalna mah, di tempat borojolna, Cianjur,
kasenian ieu téh disebutna mamaos. Dingaranan tembang Cianjuran sotéh ti
taun 1930-an,
anu lajeng dikukuhkeun taun 1962 dina Musawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di Bandung.
Sajarah
Mamaos kabentuk dina mangsa pamaréntahan
bupati Cianjur R.A.A. Kusumaningrat (1834—1864) anu sok ngarang ieu
tembang di hiji wangunan nu disebut Pancaniti. Kusabab kitu, anjeunna katelah Dalem Pancaniti.
Mimitina, mamaos ditembangkeun ku lalaki,
sarta kakara ilahar diteuleuman ku wanoja kira parapat abad ka-20. Ti harita, mimiti panembang wanoja pating
pucunghul, kayaning Rd. Siti Sarah, Rd.
Anah Ruhanah, Ibu Imong, Ibu O’oh, Ibu Resna, jeung Nyi Mas Saodah.
Mamaos téh dimekarkeun tina seni pantun, nu ciri utamanya nya éta
ayana kacapi katut cara maénkeunana. Lalaguanana ogé ampir sakabéhna tina
carita pantun, diantarana carita Pantun Mundinglaya Dikusumah. Tuluy, ieu seni soara téh
mekar ogé migunakeun beluk (mamaca), degung, sarta tembang macapat
Jawa: pupuh. Lagu-lagu mamaos nu dicokot tina seni pantun disebutna lagu
pantun atawa papantunan, atau disebut ogé lagu Pajajaran,
dicokot tina ngaran karaton Sunda di Bogor bihari. Lagu-lagu nu asalna tina
bahan pupuh disebut tembang, nu duanana nurut kana aturan rumpaka. Ka
dieunakeun, aturan nyieun rumpakana jadi leuwih bébas, bisa nyampur.
soara téh jadi katelah tembang Cianjuran.
Kitu ogé nalika radio NIROM Bandung taun Dina mangsa pamaréntahan bupati RAA
Prawiradireja II (1864—1910), mamaos sumebar ka
wewengkon lianna, nu utamana diluluguan ku Rd.
Écé Majid Natawireja (1853—1928). Anjeunna sering diulem
ngawulang mamaos ka kabupatén-kabupatén di Priangan, di antarana ku bupati Bandung RAA
Martanagara
(1893—1918) jeung RAA
Wiranatakusumah (1920—1931 & 1935—1942). Nalika ieu mamaos
sumebar ka wewengkon séjén, lajeng ieu seni 1930-an nyiarkeun ieu kasenian, disebutna téh
tembang Cianjuran.
Pintonan
Sabenerna
istilah mamaos mah ukur nujul ka lagu-lagu nu polana pupuh (tembang), lemesna
tina mamaca: seni maca buku carita wawacan ku cara ditembangkeun. Buku wawacan
nu migunakeun aturan pupuh ieu aya nu dilagukeun ku téhnik rancag jeung téhnik
beluk.
Lagu-lagu
mamaos larasna pelog (degung), sorog (nyorog, madenda), saléndro, jeung
mandalungan. Dumasar kana asal jeung watek laguna, mamaos digolongkeun kana sababaraha wanda: papantunan,
jejemplangan, dedegungan, jeung rarancagan. Kiwari, aya ogé tambahan jenis
kakawén jeung panambih salaku wanda nu mandiri. Lagu-lagu mamaos tina jenis
tembang lolobana migunakeun pola pupuh kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula, jeung sababaraha pupuh lianna.
Wanda
Seni
Tembang Sunda Cianjuran mibanda opat wanda utama nyaeta:
jeung
wanda raehan atawa tambahan, diantarana:
Lagu-lagu dina wanda papantunan
Papatat, Rajamantri, Mupu Kembang, Randegan, Randegan
Kendor, Kaléon, Manyeuseup, Balagenyat, Putri Layar,
Pangapungan, Rajah, Gelang Gading, Candrawulan,
jsb.,
Lagu-lagu dina wanda jejemplangan
Jemplang Pangantén, Jemplang Cidadap, Jemplang Leumpang, Jemplang
Titi, Jemplang Pamirig, jsb.
Lagu dina wanda dedegungan
Sinom Degung, Asmarandana Degung, Durma Degung, Dangdanggula
Degung, Rumangsang Degung, Panangis Degung, jsb.
Lagu dina wanda rarancagan
Manangis, Bayubud, Sinom Polos, Kentar Cisaat, Kentar
Ajun, Sinom Liwung, Asmarandana Rancag, Setra, Satria,
Kulu-kulu Barat, Udan Mas, Udan Iris, Dangdanggula
Pancaniti, Garutan, Porbalinggo, Erang Barong, jsb.
Wanda kakawén di antarana Sebrakan Sapuratina, Sebrakan Pelog, Toya
Mijil, Kayu Agung, jsb.
Lagu dina wanda panambih
Budak Ceurik, Toropongan, Kulu-kulu Gandrung Gunung, Rénggong
Gedé, Panyileukan, Selabintana, Soropongan, jsb.
Tina
awalna nu mangrupa tembang hiburan alat silaturahmi di antara para ménak, mamaos kiwari geus jadi seni hiburan komersil sakumaha
kasenian umumna, dipintonkeun dina rupa-rupa acara, sarta asup ka studio
rékaman.